Rabu, 03 Februari 2021

 

Khotbah Juma’ah  Basa  Sunda

NGABUNGAHKEUN BATUR

 اَلْحَمْدُ للهِ، اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ جَعَلَ الْاِسْلَامَ طَرِيْقًا سَوِيًّا، وَوَعَدَ لِلْمُتَمَسِّكِيْنَ بِهِ وَيَنْهَوْنَ الْفَسَادَ مَكَانًا عَلِيًّا. اَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا حَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا. اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا، أَمَّا بَعْدُفَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ، اُوْصِيْنِيْ نَفْسِىْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. قَالَ اللهُ تَعَالَى : بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ، يَا اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ.

Hadirin Jama’ah Jum’ah nu Mulia

عَنْ اَبِىْ مُوْسَى رَضِىَ اللهُ عَنْهُ قَالَ، قُلْتُ يَا رَسُوْلَ اللهِ، أَيُّ الْمُسْلِمِيْنَ اَفْضَلُ ؟

Dina hiji waktos, sahabat Abu Musa RA nyarios ka kanjeng Nabi Muhammad SAW “Ya Rasulullah, jalmi  muslim nu jiga kumaha nu paling utama?”

"قال "مَنْ سَلِمَ الْمُسْلِمُوْنَ مِنْ لِسَانِهِ وَيَدِهِ"  

Nabi ngadawuh “jalmi Muslim nu paling utama nyaeta jalmi muslim anu dimana jalmi-jalmi  muslim (sanesna) salamet tina kaburukan lisan sareng tanganna”.

 

Maksadna, setiap muslim nu paling utama nyaeta jalmi muslim nu teu ngarugikeun jalma lain, ku lisana atawa tidakanna.

 

Kanjeng Nabi Muhammad SAW  ngadawuh:

خَيْرُ النَّاسِ اَنْفَعُهُمْ لِلنَّاسِ

pang alus-alusna jalma nyaeta jalma nu mere manfaat ka sasama.

Leuwih alus deui lamun urang mampu nyiptakeun kabungah pikeun jalma lain, jadi jalma nu  melegakan semua pihak.

عَنْ اِبْنِ عَبَّاسٍ رَضِىَ اللهُ تَعَالَى عَنْهُمَا  قَالَ : إِنَّ رَسُوْلَ اللهِ صلى الله عليه وسلم قَالَ إِنَّ اَحَبَّ الْاَعْمَالِ اِلَى اللهِ بَعْدَ الْفَرَائِضِ إِدْخَالُ السُّرُوْرِ عَلَى الْمُسْلِمِ.

Hadis riwayat Ibnu Abbas RA, rehna Kanjeng Nabi Muhammad SAW parantos ngadawuh “saleresna amal nu paling dipikaresep ku Allah SWT saparntosna ngalaksanakeun hal-hal nu wajib nyaeta ngagumbirakeun jalmi islam nu lian”.

 

Hadirin jama’ah jum’ah nu mulia

Anapon cara ngagumbirakeun, tiasa ku tindakan atanapi perbuatan nu macem-macem. Nu penting henteu ngalanggar aturan syara’. Tiasa ku ucapan nu nyenangkeun, tiasa ku sikap rendah hati, henteu ngarasa diri pang muliana, menghormati hak-hak orang lain sareng sanes-sanesna.

رُوِيَ، مَنْ اَدْخَلَ عَلَى مُؤْمِنٍ سُرُوْرًا، خَلَقَ اللهُ مِنْ ذَلِكَ السُرُوْرِ سَبْعِيْنَ اَلْفَ مَلَكٍ، يَسْتَغْفِرُوْنَ لَهُ اِلَى يَوْمِ الْقِيَامَةِ.

Dina kitab Al ‘Athiyyatul Haniyyah dijelaskeun “Sing saha jalmana  nu ngabahagiakeun jalma  mukmin sejen, Allah Ta’ala nyiptakeun 70.000 malaikat nu ditugaskeun pangmentakeun hampura pikeun jalma eta nepi ka datangna poe kiamat.

 

Dina hadits diterangkeun:

عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ قَالَ قَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ مَنْ نَفَّسَ عَنْ مُؤْمِنٍ كُرْبَةً مِنْ كُرَبِ الدُّنْيَا نَفَّسَ اللهُ عَنْهُ كُرْبَةً مِنْ كُرَبِ يَوْمِ الْقِيَامَةِ وَمَنْ يَسَّرَ عَلَى مُعْسِرٍ يَسَّرَ اللهُ عَلَيْهِ فِي الدُّنْيَا وَاْلآخِرَةِ وَمَنْ سَتَرَ مُسْلِمًا سَتَرَهُ اللهُ فِي الدُّنْيَا وَاْلآخِرَةِ وَاللهُ فِي عَوْنِ الْعَبْدِ مَا كَانَ الْعَبْدُ فِي عَوْنِ أَخِيهِ. [رواه مسلم]

“Diriwayatkeun ti Abu Hurairah ra, anjeuna nyarita: Rasulullah saw ngadawuh: Sing saha jalma nu ngalapangkeun jalma mukmin tina hiji kasusahan di dunya, maka Allah bakal ngalapangkeunn eta jalma tina kasusahan dina poe  kiamat; sing  saha jalma nu mere kamudahan ka jalma nu keur meunang kesulitan, Allah akan ngagampangkeun eta jalma di dunia jeung di akhirat; dan saha jalmana nu nutupan aib jalma islam, Allah bakal nutup kasalahana di dunia jeung di akhirat. Allah senantiasa nulungan hambana salama hambana menolong sodarana.” [HR. Muslim]

 

Hadirin jama’ah jum’ah nu mulia

Walhasil, kesimpulana: Mangga hayu urang bareng-bareng mawas diri, introspeksi, ngoreksi diri masing-masing, kumaha urang bertetangga, bermasyarakat teh, naha tos bener ta teu acan, tos ngadatangkeun manfaat atawa justru ngan saukur nyieun masalah nu ngarugikeun orang lain.

Hayu urang hadean hirup urang ku cara memeres cara urang kumpul, sukur-syukur mun bisa mere manfaat ka jalma  lain.

 

Mugi-mugi Allah SWT masihan topek sareng hidayah ka urang sadaya. Masihan rido sareng inayahna, hirup urang salamina dibina, dibimbing ka jalan nu pinuh karidoan, salamet bagja di dunya sareng aheratna, amin ya Robbal alamin.

اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ، وَالْعَصْرِ اِنَّ الْاِنْسَانَ لَفِىْ خُسْرٍ اِلاَّ الَّذِيْنَ آمَنُوْا وَعَمِلُوْ الصَّالِحَاتِ وَتَوَاصَوْا بِالْحَقِّ وَتَوَاصَوْا بِالصَّبْرِ. بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ باْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، اِنَّهُ هُوَ الْبَرُّ الرَّؤُوْفُ الرَّحِيْمُ.  وَقُلْ رَبِّ اغْفِرْ وَارْحَمْ وَاَنْتَ خَيْرُ الرَّاحِمِيْنَ.

Khotbah II

اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَاَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ. وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. الدَّاعِى اِلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا.
اَمَّا بَعْدُ. فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا اَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى.
وَاعْلَمُوْا اَنَّ اللهّ اَمَرَكُمْ بِاَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ. وَقَالَ تَعاَلَى اِنَّ اللهَ وَمَلآ ئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ. وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ. وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ اَبِى بَكْرٍوَعُمَروَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ .اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. اللهُمَّ اَعِزَّ اْلاِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ اَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ اِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.

 عِبَادَاللهِ ! اِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِى اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرْ

 

 

 

 

Khotbah Jum’ah                                               Takdir Manusa

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته

الحمد لله حمدا وشكرا جزيلا وافرا, الذي هدانا الى صراطه المستقيم هداية ونورا, واخرجنا من الظلمات الى النور سراجا منيرا, اشهد ان لااله الاالله وحده لاشريك له الذى بيده كل شيئ من الكائنات دليلا ظاهرا, واشهد ان سيدنا محمدا عبده ورسله المبعوث لتشريع دينه تنزيلا وتنويرا. اللهم صل على سيدنا محمد وعلى اله وصحبه وسلم تسليما كثيرا, فيا عباد الله اتقواالله حق تقوٰىه بامتثال المأمورات واجتناب المنهيات لتنالوا نعاما كثيرا.

Para Jamaah Nu mulia,

Peryogi ku urang dilenyepan, rehna jalma lahir teh eta geus mawa takdirna masing masing, sakumaha nu didawuhkeun ku Kanjeng Nabi SAW:

 عن ابى عبد الرحمن عبد الله بن مسعود رضي الله عنه قال: حدثنا رسول الله ص م . وهو الصادق المصدوق: ان احدكم يجمع خلقه فى بطن امه اربعين يوما نطفة, ثم يكون علقة مثلَ ذلك, ثم يكون مضغة مثل ذلك, ثم يرسل اليه الملك فينفح فيه الروح, ويؤمر بأربع كلمات: بِكَتْبِ رزقه وأجله وعمله وشقيٌّ او سعيد.

Dumasar kana hal éta, maka jelas yén manusa lahir geus mawa takdir masing-masing. Tur éta katangtuan téh ditetepkeun nalika manusa aya dina jero rahim indungna dina mangsa ditiupkeunana roh ka manusa nalika umur kandungan manjing kana 4 bulan. Saterusna hadits di luhur ngajelaskeun, yén Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh bari sumpah:

فَوَاللهِ الَّذِيْ لاَ إِلَهَ غَيْرُهُ ان احدكم ليعمل بعمل اهل الجنة حتى ما يكون بينه وبينها الا دراع فيسبق عليه الكتاب فيعمل بعمل اهل النار فيدخلها, وان احدكم ليعمل بعمل اهل النار حتى ما يكون بينه وبينها الا دراع فيسبق عليه الكتاب فيعمل بعمل اهل الجنة فيدخلها- روسلماه البخاري ومسلم-

 

 (Demi Alloh nu teu aya deui pangéran salian ti Manten-Na). yén aya salah saurang diantara maranéh nu milampah/migawé amalan ahli sawarga sahingga teu aya jarak deui antara manéhna jeung sawarga iwal ti ukuran sadeupa Tuluy manéhna kapiheulaan ku katangtuan Alloh, nu satuluyna manéhna ngalakukeun amalan ahli naraka, maka manéhna asup ka jero naraka. Ogé aya (deui) diantara maranéh nu migawé/milampah amalan ahli naraka, sahingga teu aya jarak deui antara manéhna jeung naraka iwal ti ukuran sadeupa deui, tuluy manéhna kapiheulaan ku katangtuan/katetepan Alloh nu satuluyna manéhna ngalakukeun amalan ahli sawarga, maka manéhna asup kana sawarga.           

Para Jamaah nu mulia

Sadeupa didieu, hiji kiasan jeung kira-kira, nu dimaksud didieu nyaéta, saparo waktu dina akhir kahirupan manusa. Jadi, nu dimaksud sadeupa didieu lain sacara harfiyah sadeupa jeung kapastian waktu nu saukuran kitu. Tapi, sadeupa didieu sakali deui saparo waktu dina akhir kahirupan manusa nu kacida deukeutna kana poé panungtungan hirup. Imam Nawawi RA. Ngajelaskeun, mun jalma kafir ngucapkeun “laa Ilaaha Illallooh” tuluy manéhna maot kalayan ngucapkeun kalimat tauhid éta, maka manéhna bakal asup sawarga. Sabalikna, lamun jalma Islam dina akhir umurna ngucapkeun caritaan kufur, maka manéhna bakal asup kana naraka. Ringkesna, nya eta sanajan jalma keur ngorana tukang doraka, lamun dina ahir hirupna jadi insap, getol ibadah, tobat ka Pangeran, eta disebutna husnul khotimah. Komo deui lamun jalma ti ngongora nepi ka kolot terus-terusan ibadah mah dugi ka ahir hayatna. Sawaangsulna, sanajan keur ngorana getol ibadah, tapi dina kolotna jadi ngabalun seneng kana migawe doraka, ieu pimelangeun dina maotna su’ul khotimah.

Para jamaah nu mulia,

Satuluyna Hadits di luhur, eusina ngajelaskeun yén urang teu meunang mastikeun atawa netepkeun salah saurang bakal asup sawarga atawa naraka, sanajan katingalina hiji jalma téh ngalakukeun sagala kahadéan jeung rajin ibadah, sabalikna sanajan katingalina hiji jalma téh ngalakukeun kakufuran, kama’siyatan, kafasikan jeung sajabana. Tegesna, yén urang ulah wani-wani ngahukuman ka jalma téh pisawargaeun atawa pinarakaeun. Sabab, urang ulah ngandelkeun teuing amaliah ibadah boh pribadi atawa lian, atawa reueus, agul jeung sajabana ku lampah ibadah urang atawa nu lian. Sabab, urang teu apal pamustungan tina sagala ibadah nu dilakukeun, naha ditarima atawa henteuna ku Alloh swt. Ogé urang teu apal katangtuan nu kumaha nu bakal ditarima ku urang khususna jaga di alam Akhérat. Sok sanajan takdir geus ditetepkeun saméméh urang diciptakeun, tapi, ku sabab dirahasiahkeun ku Alloh swt. Jadi urang teu apal takdir urang téh modél kumaha.

 

Para jamaah nu mulya

Dumasar kana hal éta pisan, urang ulah petot-petot salilana ngado’a ka Alloh swt mugia urang dipaparin panungtungan kahirupan nu hadé (Husnul Khotimah) ogé salawasna urang kudu nyalindung ka Alloh swt. Mugia panungtungan hirup urang téh ulah goréng (Su’ul Khotimah) atawa ulah nepi ka hasil panungtungan hirup urang téh nu picilakaeun (Syarrul ‘Aqibah).

Ibnu Jarir Al-Haitamy dina kitabna “Fath Al-Mubin Li Syarh Al-Arba’in” ngajelaskeun, yén satemenna Su’ul Khotimah - dilantarankeun ku haté leutik na hiji jalma nu teu bisa ditingali ku nu séjén. Ayakalana saurang milampah hiji amal ahli naraka, tapi dina haténa aya kahadéan nu nyangkaruk, tuluy ngalimpudan nu tungtungna ngadorong manéhna dina panungtungan umurna pikeun milampah kahadéan, akhirna manéhna ka golong kana Husnul Khotimah. Kukituna ulah katipu ku naon-naon baé nu katingali dina diri hiji jalma, sabab tetep nu bakal ditingalimah kahirupan panungtunganana, naha hadé atawa henteu. Sabab amal téh ditingali dina akhirna, hartina, sing saha jalmana nu dituliskeun atawa ditetepkeun kaimanana jeung kata’atanana dina akhir umurna, tuluy manéhna kufur jeung milampah maksiyat, tapi Alloh ngalungsurkeun taufik sareng hidayah-Na ka manéhna dina panungtungan hirupna, tur manéhna maot dina kaayaan tobat, sadar pinuh ku karumasaan kana sagala lampah salahna, tegesna Husnul Khotimah. Maka manéhna bakal jadi ahli sawarga.

 

Tah dina raraga urang miharep supaya panungtungan hirup urang téh hadé, tegesna Husnul khotimah. Para ulama ngajelaskeun, ngeunaaan sabab musababna ngahontal Husnul Khotimah, diantarana: 1) Istiqomah dina ibadah; 2) Nancebkeun katakwaan; 3) hadé sangka ka Alloh swt. 4) jujur; 5) rajin taubat; 6) éling kana maot, jeung 7) Waspada kana hal-hal nu matak ngadeukeutan kana su’ul khotimah. diantarana, nyaéta: rusakna akidah jeung milampah laku ibadah nu lahirna teu luyu jueng ibadah bathin, kabiasaan milampah maksiyat nu teu eya eureuna dina migawéna, kabungbulengan ku dunya, nyimpang tina kaistiqomahan, migawe kamusyrikan jeung nunda-nunda kana tobat.

 

Mudah-mudahan urang sadaya ka lebet kana golongan jalma–jalma nu panungtungan hirupna hadé (husnul khotimah). tur mugia urang sadayana dipaparinan ku Alloh swt. Ka istiqomahan dina ibadah. Amin ya Alloh Ya Robbal ‘Alamiin.

قال الله تعالى فى كتابه الكريم وهو اصدق القائلين واذا قرئ القران فاستمعوا له وانصتوا لعلكم ترحمون اعوذ بالله من الشيطان الرجيم. وَسَارِعُوٓاْ إِلَىٰ مَغۡفِرَةٖ مِّن رَّبِّكُمۡ وَجَنَّةٍ عَرۡضُهَا ٱلسَّمَٰوَٰتُ وَٱلۡأَرۡضُ أُعِدَّتۡ لِلۡمُتَّقِينَ.

بارك الله لي و لكم في القرآن العظيم ونفعني واياكم بمافيه من الاية والذكر الحكيم وتقبل مني ومنكم تلاوته انه هو السميع العليم. وقل رب اغفر وارحم وانت خير راحمين.

Jum’at 24 Juli 2020

Khutbah II

 اَلْحَمْدُ للهِ وَكَفَى، اللهم صَلِّ وَأُسَلِّمُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ الْمُصْطَفَى، وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَهْلِ الْوَفَا، أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْمُسْلِمُوْنَ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ عَظِيْمٍ، أَمَرَكُمْ بِالصَّلَاةِ وَالسَّلَامِ عَلَى نَبِيِّهِ الْكَرِيْمِ فَقَالَ: إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمًا، اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلَى سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ، فِيْ الْعَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ. اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ والْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ الْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالْأَمْوَاتِ، اللهم ادْفَعْ عَنَّا الْبَلَاءَ وَالْغَلَاءَ وَالْوَبَاءَ وَالْفَحْشَاءَ وَالْمُنْكَرَ وَالْبَغْيَ وَالسُّيُوْفَ الْمُخْتَلِفَةَ وَالشَّدَائِدَ وَالْمِحَنَ، مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، مِنْ بَلَدِنَا هَذَا خَاصَّةً وَمِنْ بُلْدَانِ الْمُسْلِمِيْنَ عَامَّةً، إِنَّكَ عَلَى كُلِّ شَيْءٍ قَدِيْرٌ

عِبَادَ اللهِ، إنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالْإحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي الْقُرْبَى ويَنْهَى عَنِ الفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ. فَاذكُرُوا اللهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرُ.

Sabtu, 24 Mei 2014

Kotbah Jum,at

اَلْخُطْبَةُاْلاُوْلَى 
  اَلْحَمْدُلِلّهِ نَحْمَدَهُ وَنَسْتَعِيْنُهً وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ اَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّأتِ اَعْمَالِنَا مَنْ يًهْدِاللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْهُ فَلاَ هَادِيَ لَه وَاَشْهَدُاَنْ لاَاِلهَ اِلاَّاللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَاَشْهَدُاَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اَرْسَلَهُ بِاْلهُدَى وَدِيْنِ اْلحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَىالدِّيْنِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ اْلمُشْرِكُوْنَ اَللّهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍوَعَلَىالِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنِ اَمَّا بَعْدُ فَيَا اَيُّهَا النَّاسُ اتَّقٌوْااللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَتَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ قَالَ اللهُ تَعَالَى فِى كِتَابِهِ اْلكَرِيْم لقد كان لكم فى رسول الله اسوة حسنة لمن كان يرج الله واليوم الأخر وذكر الله كثيرا. 
 Hadirin Kaum Muslimin anu mulya. Langkung tipayun sim kuring salaku khatib wasiat ka sadayana sangkan salamina aya dina jalan taqwa. Teu aya amal nu tiasa diandelkeun pikeun nyorang kahbirupan nu bakal datang iwal ti taqwa ka ka Mantena. Hal ieu ditegeskeun dina kitab-Na: فتزودوا فان خير زاد التقوى Geura mawa bekel aanjeun. Maka saestuna pang hade-hadena bekel nyaeta taqwa. taqwa, lain nu pang gagahna atawa pang kasepna, lain nu pang beungharna atawa imah megah. Taqwa lain saukur berari sering datang ka masjid atawa ngahadirian ecara rutinan majlis ta’lim,maca kitab suci,muter-muter tasbe, hudang ti peuting, atawa puasa ungga poe. Tapi lewih ti kitu, taqwa nyaeta ngendalikeun amarah, hasrat-hasrat rendah, ngajaga hate, henteu nganyenyeri, henteu ngancam, ramah, sabar, rendah hati jeung sajuta makna kaalusan ka papada manusa tanpa mandang suku agama ras jeung gplongan. Hadirin kaum muslimin nu mulya, aya dua golongan umat Kangjeng Nabi Muhammad Saw. Golongan nu kahiji disebut pang hadena umat, sedengkeun nu kadua pang gorengna umat. Nu kumaha nu disebut pang hadean umat sareng nu kumaha nu disebut pang gorengna umat Nabi Muhammad? Hal ieu dijelaskeun dina hiji hadis.:
 عن ابى هريرة رضي الله عنه قال قال رسول الله صلى الله عليه وسلم خِيارُاُمتي مَنْ شهد ان لا اله الا الله وان محمدا رسول الله واذااَحْسَنُوا اِسْتبْشَرُوا واذااَسَاءُوْا اِسْتَغْفَروا واذا سَافَروا قَصَرُوا صلاتَهم وَافْطَرُوامِن صومِهم وَاِنَّ شِرارَ اُمَّتي الذين وُلِدُوا فِى النِعَمِ وَغَدَوْا فى النِّعَمِ وَهِمَّتُهُم اَلْوَانُ الطعامِ وَاَلْوانُ الشَّرَابِ واذاتَكَلّمُوْا تَشَدَّقُوا واذامَشَوْا تَبَخْتَرُوا ويلٌ لِلْجَرَّارِين اَذْ يَالَا وَالْاَكّالِيْنَ اَفْضَالًا والنَاطِقين اَشْعَارًا 
 Diriwayatkeun ti Abu Hurairah r.a., rehna Rasulullah Saw. ngadawuh: “Pang hade-hadena umat kaula nyaeta jalma anu nyaksian rehna teu aya pangeran anging Allah jeung saestuna Nabi Muhammad teh utusan Allah. Lamun maranehna milampah kahadean , maranehna ngarasa bungah. Lamun milampah kagorengan , maranehna menta hampura, Lamun musafir maranehna ngosor solatna, tur buka puasana. Saestuna pang goreng- gorengna umat kaula nyaeta maranehna nu dilahirkeun dina kamewahan, dibere dahar nu marewah, kahayang hatena kana macam macem daharan jeung inuman. Lamun nyarita sok ngahina, mun leumpang sok sombong. Cilaka pisan jalma jalma nu nyenyered pakaianna nu nyangsar kanu taneuh, jalma nu dahar ngaleuwihan wates jeung nu nyarita bari dilagukeun. Hadis tadi pakait jeung gaya hirup sabagian sahabat nu hirup serba mewah..
 Dina akhir hadis Rasulullah Saw masihan peringatan keras:
 ويلٌ لِلْجَرَّارِين اَذْ يَالَا وَالْاَكّالِيْنَ اَفْضَالًا والنَاطِقين اَشْعَارًا 
Cilaka pisan jalma jalma nu nyenyered pakeanna anu nyangsar kanu taneuh, jalma nu dahar ngaleuwihan wates jeung nu nyarita bari dilagukeun. Saleresna Rasul henteu ngalarang umatnya cicing di gedong mewah, naek mobil mewah, make pakean mewah, tur ngadahar dahareun nu marewah, salila hal eta henteu mengparkeun hate tina perhatian ka Allah Swt atawa nimbulkeun panyakit dina hatena. Tapi lamun kamewahan eta nimbulkeun panyakit dina hate, atawa nimbulkeun rasa timburu masyarakat maka eta kamewahan kudu buru buru ditinggalkeun. Kacida teu pantesna nembongkeun kamewahan di tengah-tengah masyarakat miskin. 
اقول قول هذاواستغفرالله لي ولكم ولسائر المسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات. فاستغفرواه انه هو الغفور الرحيم

Minggu, 20 April 2014

Kotbah Jum'ah Basa Sunda

Janji Allah Ka Umat Manusa
ان الحمد لله نحمده ونستعينه ونستغفره ونعوذ بالله من شرور انفسنا ومن سيأت أعمالنا من يهده الله فلامضل له ومن يضلله فلاهادي له, أشهد ان لا اله الا الله وحده لا شريك له واشهد ان محمدا عبده و رسوله. اللهم صل وسلم وبارك على سيدنا محمد وعلى أله وصحبه أجمعين, أما بعد. فياعباد الله أوصيكم ونفسى بتقوى الله قال تعالى فى القراءن الكريم:.. ادْعُونِي أَسْتَجِبْ لَكُمْ
Ma’asyiral Muslimin Rahimakumullah
Alhamdulillah dina poe Jum’at ieu urang masih tiasa sasarengan ngalakonan shalat jum’at berjama’ah. Mugi-mugi hal ieu tiasa ngadorong sumangetna urang enggoning ningkatkeun ketaqwaan ka Allah swt. Sayaktosna mung ka Allah urang sadayana gumatung. Kumargi Allah nu Maha Sampurna. Sampurna pangampunana, sempurna nikmatna, sempurna rizqina sareng sampurna kebijaksanaana. Agung kasampurnaan kebijakan eta, sahingga teu aya amal nu dilakukeun ku manusa tanpa aya imbalanna.
Nu kahiji , Allah swt geus nyiapkan tambahan rejeki pikeun jalma nu bersyukur. Allah swt ngajangjikeung dina al-Qur’an  لَئِن شَكَرْتُمْ لأَزِيدَنَّكُمْ, lamun anjeun bersyukur pasti bakal ditambah nikmatanjeun.  
Kadua, Allah swt tos nyiapkeun rek ngabulkeun satiap do’a permohonan hambana, disebatkeun dina al-Qur’an ادْعُونِي أَسْتَجِبْ لَكُمْ.. (geura menta maraneh ka kami, maka pasti pasti kami bakal nyumponan). Nujadi masalah pikeun urang , ngado’a ngadegedur  teu eureun2  puasa senen kemis dilakonan solat duha  teu liwat tahajud unggal peuting  tapi naha can aya hasilna rumasa do’ teh teu dikabul. Aning cenah Allah teh tara lincad janji  (innallaha la yuhliful mi’ad).
Salah sahiji riwayat nyebutkeun, dina hiji poe sabahat Nabi  Sa’ad bin Abi Waqos menta dido’akeun ku kanjeng Nabi hayang supaya doa’ana diijabah kalayan gampang. Nabi ngawaler Sa’ad geura hadean  dahareun anjeun pasti anjeun jadi jalma nu doa’a mustajab. Demi Allah saha nu ngasupkeun barang haram kana beuteungna, mangka moal dikabulkeun do’ana salila 40 poe, Jeung saha nu ngajadikeu dagingna tina dahareun  nu haram atawa tina hasil haram mangka seuneu naraka bagianana.
Para jamaah nu mulya, ternyata salah sahiji penghalang do’a teh dahareun nu asup kana beuteung urang, kusabab eta Allah ngadawuh, kuluuu min thoyyibaati maa rozaqnaakum, geura dalahar anjeun tina rejeki nu alus nu geus dibeikeun ku kami.
NU katilu, Gusti Allagh geus nyiapkeun ampunan n jalma nu menta pangampura jalma nu tobat maca istighfar
Dina hadits riwayatkan oleh Ibnu Majah, Rasulullah saw ngadawuh
لو أخطأتم حتى تبلُغ خطاياكم السماء ، ثم تُبتُم ؛ لتاب عليكم
(lau akhtho’tum hatta tablugha khathoyakumus sama-a tsumma tubtum lataba  ‘alaikum)
Lamun bae maraneh teh ngiyeun kasalahan jeung kasalahana sampe minuhan langite,terus maneh menta hampura, pasti Allah ngampura kabeh kasalahana.
Ma’asyiral Muslimin…
Ka opat, Allah swt salilana bakal ngabuka pintu tobat pikeun jalama nu bener-benrer insap tina ngalkukeun kasalahan. Teu perlu hawatir kana dosa-dosa nu geus dilakkeun lamun urang geus tobat ka Pangeran pastilah Allah bakal narima tobat urangHadits qudsi ngajelaskan gambaran yen Allah swt teh pangeran nu Maha Pemurah tur Maha Penerima tobat hamba-Na:
مكتوب حول العرش قبل أن تخلق الدنيا بأربعة الاف عام وانى لغفار لمن تاب وأمن وعمل صالحا ثم اهتدى
(maktubun haulal ‘arsyi qabla an takhluqod dunya biarba’ati alafi ‘aamin wa inni la ghaffarrun liman taba wa amana wa amila shaliha stummah tada)
Geus ditulis di sagedengeun  ‘arasy (terhitung) 4000 taun saacana alam dunia diciptakeun yen saenyana Kami teh Pengampun jalma nu tobat bertaubat jeung iman tur beramal shaleh, jeung Kami oge mere pituduh.
Memang pikeun sebagian jalma rumasa bersalah mah gampang, tapi bertekad pikeun teu ngalakukeun deui jeung memang henteu ngalakukeun deui mangrupakeun perkaran nu sulit. Kumargi kitu tulah seringkali jami ‘alim ngado’a ka Allah swt supaya  dipaparinan kasadaran pikeun ngalakonan pertaubatan. Kusabab kamampuan manusa pikeun bertaubat eta datangna ti  Allah swt.
Nu kalima,  Allah swt nyiapkeun imbalan spesial pin jalma-jalma nu  bersedekah. Imbalan  spesial eta lamun sedekahna semata-mata karena Allah Ta’ala.
ما من عبد تصدق بصدقة يبتغى بها وجه الله الا قال الله يوم القيامة عبدى رجوتنى فلن احقرك حرمت جسدك على النار وادخل من أى أبواب الجنة شئت
(ma min abdin tashoddaqo bishodaqotin yabtaghi biha wajhallahi illa qolallahu yaumal qiyamati abdi rojautani falan ahqiroka harramtu jasadaka ‘alan nari wadkhul min ayyi abwabil jannati syi’ta)
Teuaya saurang oge anu sedekah semata-mata karna Allah, kecuali enke jaganing geto dina poe kiamat Allah bakal ngadawuh “hamba kami, anjeun ngharapkeun kaKami, Kami oge moal rek ngantep anjeun kabeuleum. Kami geus  haramkeun jasad anjeun kabeuleum seuneu naraka. Jeung geura milih panto surga mana nu dipikahayang ku ajneun.
Kitu rupina jangji Allah imbalan di akhirat ka jalma-jalma nu bersedekah. Sedengkeun imbalan di dunia ieu, urang sadayana ge tos ngartos yen sedekah teh bisa nolak sagala bala’ (kesialan). Assodaqatu tadfau’ul bala’.   
وسارعواإلى مغفرة من ربكم وجنة عرضها السموات والأرض أعدت للمتقين
 بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِيْ اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ وَنَفَعَنِي وَإيَّاكُمْ ِبمَا ِفيْهِ مِنَ اْلآياَتِ وَالذكْر ِالْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّي وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ إنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ اْلعَلِيْمُ